Ngelmu salila hirup

JALMA ANU HANJAKAL NYAETA JALAMA ANU TE NGAJI

Ku KH. Jaja Abd Jabar (Dewan Kyai Pontren Miftahul Huda Manonjaya Tasikmalaya)

Rosululloh saw. parantos ngadawuh أَشَدُّ النَّاسِ حَسْرَةً يَوْمَ الْقِيَامَة ِ مَنْ يُمْكِنُهُ طَلَبُ الْعِلْمِ فِي الدُّنْيَا فَلَمْ يَطْلُبْهُ , وَرَجُلٌ عَلِمَ عِلْمًا فَانْتَفَعَ بِهِ مَنْ سَمِعَهُ مِنْهُ ددُونَهُ “Pangnalangsana jalma dina poe qiyamah nyaeta jalma anu boga kasempatan pikeun nyuprih elmu tapi manehna hente nyuprih kana eta elmu”.. Penjelasan Rosululloh ngawanti-wanti ka ummatna bisi jadi jalma anu meunang kahanjakalan anu pohara. Nyaeta manusa anu ngabogaan kasempatan pikeun neangan elmu tapi eta kasempatan teu digunakeun. Ieu mangrupakeun pepeling ti Kanjeung Rosul ulah sampe hanjakal. Hanjakal mah moal tiheula, tapi datangna pandeuri saba’da ngalaman kerugian. Untung Kanjeung Nabi sosok anu nyaah ka ummatna, sahingga Rosul ngajaga ka ummatna ulah sampe tisoledat kana jurang kasangsaraan. Kusabab kitu, urang salaku ummatna kudu beunang dipika-nyaah ku Kanjeung Rosul.Ditilik tina sababaraha seugi urang sarerea kaasup jalma anu dibere kasempatan ku Alloh pikeun neangan elmu: 1. Ditilik tina segi umur, umur masih keneh ngora, masih ditanggung jawab ku sepuh. Usia muda usia anu meujeuhna berjuang ngusir kabodoan ngadatangkeun kacerdasan jeung kapinteran. Dimana, di usia muda otak masih kosong can loba sagala perkara anu nempel, eta sangat mumkin dipake pikeuntholabul ilmi. 2. Alloh masihan kasehatan. Sehat hiji modal pikeun hasilnatholabul ilmi. 3. Sepuh anu ngadukung. 4. Aya biyaya. Hal ieu kudu digunakeun pikeuntholabul ilmi. Jadi santri anu rajin, anu alus budi pekerti, anu ngabogaan akhlakul karimah, siap taat disiplin. Eta kalebet ngagunakan kasempatan anu dipasihkeun ku Alloh swt. Lamun teu kitu, dina nalika tiba diakherat bakal jadi jalma anu nyeusel, bahkan didunya keneh ge geus mulai karasa hanjakalna. Sabab tanpa ngabogaan elmu, hirup bakal serba terbatas, ngarasa terisolir, rek hirup dimana bae bakal ngarasa disisihkeun kupedah lemah kamampuan.Matak bersyukur ka Alloh swt, masih dipasihan kasempatan pikeun tholabul ilmi. Ayeuna masih usia muda, kudu digunakeun sing sungguh-sungguh:شَبَابَكَ قَبْلَ هَرَمِكَ“Mempeung anjeun ngora memeh kolot”.. Geus kolot mah boro-borotholabul ilmi, eweh kasempatan pikeun tholabul ilmi, komo kudu mondok di pondok pasantren, saba’da boga pamajikan mah kudu maraban pamajikan. Geus kitu mah teu mikirkeun deui masalah elmu, anu aya mikiran masalah parab pikeun keluarga.Meungpeung sehat memeh gering. Gunakeun kasehatan ieu samemeh datang panyakit. Salurkeun kasempatan pikeun neangan pangarti, bahkan ulah wani sare samemeh ngahafal, ulah wani tambah umur dina itungan poe samemeh datang pangarti. Papatah dina kitabTa’limul Mutta’alim: وَكُنْ مُسْتَفِيْدًا كُلَّ يَوْمٍ زِيَادَةً # مِنَ الْعِلْمِ وَاسْبَحْ فِىْ بُحُوْرِ الْفَوَائِدِ“ Satiap poe kudu jadi jalma anu neangan tambahan-tambahan pangarti, bahkan kudu teuleum dina lautan elmu”..Ulah ngan sakadar nempokeun wungkul kana elmu, tapi kudu terjun kalautan, nyeulaman dina lautan elmu. Insya Alloh bakal jadi jalma anu bahagia, berkah, jadi jalma anu paling untung manakala dina satiap saat tambah pangarti bari dibarengan ku amaliah. Meungpeung sepuh tanggung jawab, batur mah loba anu hayang masantren tapi sepuhna teu satuju lamun budakna ngaji di Pondok Pasantren, sabab sepuhna kurang ngarti kana agama. Aya oge jalma anu ngarti kana agama, budakna hayang masantren nyakitu deui sepuhna oge hayang masantrenkeun tapi teu boga bekel pikeun masantrenkeun, sahingga budakna teu aya kasempatan pikeun tholabul ilmi. Urang mah alhamdulillah, sepuh ngarestuan, siap mekelan, tanggung jawab. Berarti ieu mangrupakeun kasempatan pikeuntholabul ilmi. Lamun teu digunakeun ieu kasempatan pikeun neangan elmu sampai tuntas, maka bakal jadi jalma anu super hanjakal di poe qiyamah. Bahkan lamun ieu kasempatan hente digunakeun, tatkala sakarat bakal jejeritan hayang distop heula ulah waka tulus dicabut nyawa. Dauhan Alloh dina suroh al-Mu’minun ayat 99-100 حَتَّى إِذَا جَاءَ أَحَدَهُمُ الْمَوْتُ قَالَ رَبِّ ارْجِعُونِ لَعَلِّي أَعْمَلُ صَالِحاً فِيمَا تَرَكْتُ“ Ya...Alloh balikeun abdi ka alam dunya, stop Ajroil ulah waka nyabut nyawa, balikeun deui nyawa kana sakabeh badan, balikeun kuring hirup ka alam dunya. Sabab kuring rek amal sholeh heula, rek tholabulilmi heula”..Tapi sadayana oge moal mumkin, dauhan Alloh deui dina suroh al-A’rof ayat 34 إِذَا جَاءَ أَجَلُهُمْ لَا يَسْتَأْخِرُونَ سَاعَةً ۖ وَلَا يَسْتَقْدِمُونَ“ Manakala ajal geus datang, perjanjian waktu ajal geus datang, teu bisa dipajukeun jeung dipundurkeun”..Matak ceuk Malaikat, sambungan tina suroh al-Mu’minun ayat 100 كَلَّا إِنَّهَا كَلِمَةٌ هُوَ قَائِلُهَا وَمِنْ وَرَائِهِمْ بَرْزَخٌ إِلَى يَوْمِ يُبْعَثُونَ“ Inget, eta teh ngan sakadar omong kosong, janji-janji rek amal sholeh, lamun enya ge dibere kasempatan balik deui ka alam dunya bakal saperti waktu anu geus kalewat.”. Akhirna dicabut ku Malaikat, maotna molotot kusabab maotna aya rasa kapanasaran. Termasuk anu dibere kasempatan neangan elmu tapi teu digunakeun. Ulah tanggung kapalang jadi santri, ulah waka kaluar ti pondok pasantren saba’da geus jadi Ustadz beulah dituna geus jadi Kiai, geus boga kamampuan anu loba.Jadi kulantaran kitu, waktu teh mangrupakeun modal utama. Lamun tukang usaha waktu teh diumpamakeun receh, tapi jang santri mah waktu teh diumpamakeun elmu. Ulah aya waktu anu kalewat tanpa neangan elmu. Anu matak jalma anu teu ngagunakeun waktu pikeun neangan elmu jeung amal sholeh eta bakal rugi. Dauhan Alloh dina suroh al-Ashr وَالْعَصْرِ . إِنَّ الْإِنْسَانَ لَفِي خُسْرٍ“ Demi waktu, saenyana manusa aya dina karugian.” Bisa bebas manusa tina karugian lamun eta jalma iman jeung amal sholeh. Diantara amal sholeh teh nyaeta ngagunakeun waktu dina kasempatanana pikeun neangan elmu jeung amal sholeh. Insya Alloh moal jadi jalma anu rugi, bakal bebas tinarasa hanjakal anu kacida. Mugia manfaat amin..

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Perbedaan Tugas Host “(Operator Plus)” dan Moderator di Ruang Zoom Meeting

Kenapa membaca doa dari ayat Al-Qur'an tidak menggunakan tajwid?

Khutbah sholat gerhana(bahasa sunda)